22 September 2018

Sajak Sunda #1

Nova Ryandi - Guru Bahasa Sunda

Silung



Aya jemplang wilujeng wengi
Di émpér toko sisieun alun - alun
Katuruban kardus butut
Nyimbutan peujit nu pabeulit jeung sulit
Keur nganter lamunan wuyung
Nu marudah sarwa bingung
Sugan isuk aya raja pamunah
Nanggeuskeun tembang kasusah
Sadrah,
Sumerah kana titimangsa peurih
Aya sumbah lebah tikoro
Aya nu silung lebah beuteung
Nu teu kaeusian soré tadi


Palebah Péngkolan


Lamun harepan geus kalarung
Kamana urang miseja
Kapan langit milu angkeub
Basa lelembutan kumalayang kamana boa
Angen ratug leungiteun pamuntangan
Diri lawas leuleumpangan na implengan
Nyawang anjeun nu ngangkleung tuluy leungit
Ngablesat dina lamat - lamat paninengan


Batu, Jawa Tengah
Nova Ryandi

Posting Komentar

Mulai mengetik dan tekan Enter untuk mencari